Text
Kamus lengkep Sunda - Indonesia, Indonesia - Sunda, Sunda-Sunda
Sakawitna, ieu kamus téh disusun dumasar kana kaperyogian enggoning ngajarkeun basa sunda disakola. Margi kabuktosan, para siswa téh kirang nyangking kabeungharan kecap basa Sunda anu jembar. Malih dina sawatawis kecap mah langkung mikawanoh kecap Indonésiana tibatan kecap basa Sundana. Upamina baé kanggo kecap reueus, bagja sareng resep. Teu sakedik para siswa anu langkung wanoh kana basa Indonésia kanggo eta kecap-kecap, nyaeta bangga, bahagia, sareng suka atanapi senang.
Namung, dina sawatawis paguneman sareng para guru basa Sunda sanésna, diantawisna nalika lumangsungna Kongrés Basa Sunda taun 1993 di gedong Merdeka, Bandung: Tétéla hal anu sarupi kitu téh karandapan ogé ku aranjeuna. Upami anu ngawulangna diwewengkon Botabék mah, dina paguneman sadidintenna ogé seuseueurna mah tos nganggo basa Indonésia (Jakarta) baé.
Dumasar kadinya, anu kawitna curat-corét samporét téh, langkung dijembaran deui. Sanaos kitu, éntrina mah angger dijojoan anu sakintenna seueur dianggo dina paguneman sadidinten. Sakedahna memang, pilihan éntri téh dumasar kana panalungtikan anu gemet. Namung, kumargi waktos anu samporet, sedengkeun masalah anu aya numutkeun sim kuring saparakanca teu saé upami teu dipaliré, pilihan éntri téh mung dumasar kana asumsi baé. Mugia kanggo kapayunna tiasa digarap kupara ahli basa Sunda.
Ieu kamus dijudulan Kamus Lengkep, sanes lengkep éntrina anu dimaksad téh, namung lengkep jenisna. Bagian kahiji, Sunda-Indonésia. Bagian kadua, Indonésia-Sunda. Bagian katiluns Sunda-sunda.
SMAC-0171 | REF 499.2232321 BUD k | Library SMA Avicenna Cinere | Available |
SMAC-0172 | REF 499.2232321 BUD k | Library SMA Avicenna Cinere | Available |
SMAC-0173 | REF 499.2232321 BUD k | Library SMA Avicenna Cinere | Available |
SMAC-0174 | REF 499.2232321 BUD k | Library SMA Avicenna Cinere | Available |
No other version available